Doel Sumbang – Urang Sunda

Urang sunda ka marana?
Urang sunda di marana?
Urang sunda, urang mana?
Urang sunda, anjeun saha?

Naha ngan saukur nu ngeusian Pulau Jawa
Naha ngan saukur lalajo bari tumenta
Gancang geura hudang buka ceuli buka mata
Geura tembongkeun urang sunda oge bisa...

Tembongkeun urang ge bisa mbela nagara
Tembongkeun urang ge bisa jadi pamimpin
Urang ge bisa nangtung ajeg jeung kawasa
Lain saukur bisa unggut jeung kumawula...

(*)
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda ulah jadi si Kabayan...

(#)
Anu karesepna ngan ukur ngagere ceuli
Anu karesepna ngan ukur heuay nundutan
Anu karesepna ngan ukur diuk ngalamun
Atawa calangap ngitungan bentang di langit...

Reff:
Mun urang kabeh reueus jadi urang sunda
Pikiran deui naon nu dipikareueus
Lamun urang sunda kabeh jadi si kabayan
Kuring melang hiji waktu urang kababayan
Urang bakal kababayan, ukur bisa kababayan, salawasna kababayan...

[Interlude]
Back to: (*), (#), Reff, (*)
Labels: Doel Sumbang, Lirik Lagu

Thanks for reading Doel Sumbang – Urang Sunda. Please share...!

0 Comment for "Doel Sumbang – Urang Sunda"

Back To Top