Nining Meida – Ka Bulan

(*)
Mun pareng nincak ka bulan,
Hayang mawa Nini Aki jeung baraya
Moal rea barang bawa,
Nu dibawa ngan samping eujeung kabaya...

(**)
Hayu batur sarerea,
Di bulan engke urang nyieun nagara
Bisi urang rumah tangga,
Boga budak tong loba siga di dunya...

(#)
Di bulan mah ceuk beja beda jeung di dunya
Hese cai ngan ukur batu nu jadi sagara
Mun rek mandi ngahadja kumpul baraya
Ceurik bareng bari nandean sabatok cimata...

(***)
Mun pareng nincak ka bulan,
Hayang ngaronjatkeun budaya sunda
Ketuk tilu, jaipongan,
Moal leungit sanajan pindah ka bulan...

[Interlude]
Repeat: (*), (**), (#), (***)

Ka bulan, urang ka bulan...
Ka bulan, urang ka bulan...
Labels: Etnik, Nining Meida

Thanks for reading Nining Meida – Ka Bulan. Please share...!

0 Comment for "Nining Meida – Ka Bulan"

Back To Top