Es lilin mah didorong-dorong
Dibantun mah, dibantun ka Sukajadi
Abdi isin dunungan samar kaduga
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi...
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
Dicandak mah geuning ka Cipaganti
Abdi isin jungjunan duh bararingung
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi...
Itu saha dunungan nu nungtun munding
Digantelan geuning ku saputangan
Itu saha dunungan ku ginding teuing
Sing horeng mah aduh geuning jungjunan...
[Interlude]
Es lilin mah ceuceu dikalapaan
Raosna mah geuningan kabina-bina
Abdi alim dunungan paduduaan
Sok sieun mah dibantun kamana-mana...
Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
Ka kaler mah ka kaler katojo bulan
Kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
Moal paler geuningan da ku sabulan...
Dibantun mah, dibantun ka Sukajadi
Abdi isin dunungan samar kaduga
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi...
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
Dicandak mah geuning ka Cipaganti
Abdi isin jungjunan duh bararingung
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi...
Itu saha dunungan nu nungtun munding
Digantelan geuning ku saputangan
Itu saha dunungan ku ginding teuing
Sing horeng mah aduh geuning jungjunan...
[Interlude]
Es lilin mah ceuceu dikalapaan
Raosna mah geuningan kabina-bina
Abdi alim dunungan paduduaan
Sok sieun mah dibantun kamana-mana...
Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
Ka kaler mah ka kaler katojo bulan
Kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
Moal paler geuningan da ku sabulan...
0 Comment for "Nining Meida – Es Lilin"