Doel Sumbang – Dinding Kripit

Dinding kiripit tulang bajing kacapit
Kacapit ku hulu pare, hulu pare memencosna
Dinding kiripit jalma leutik kacapit
Kacapit kunu garede, nu gede taya seubeuhna

(*)
Resiko jalma leutik kacapit teh unggal usik
Boga imah, imah leutik meunang milik ngamprah listrik
Hese! Hese euy... Kawas newak haseup
Naha ari jalma gede ngabangun ratusan imah (abakadabra)
Menta esuk hurung sore...

Resikona jalma leutik kacapit teh unggal usik
Mun maling lantaran lapar meuni jadi kacapangan
Bari.. benyut di gebugan
Naha ari Edi Tanzil nu geus puguh garong gede (abakadabra)
Loba anu hare-hare...

Resikona jalma leutik kacapit teh unggal isuk
Lamon sedih paren geuring teu wani ka rumah sakit
Ku sabab, duit kudu ti heula
Sabab nenjo jalma seuset dokter sok mariceun beunget
Si murus tunjung bari ngomong " da maot mah tos takdir", bebel sia!

Resikona jalma leutik kacapit teh unggal usik
Boga banda teu sapira tuluy ludes ka bangsatan
Jarang.. nu milu mikiran
Naha ari jalma gede leungit motor butut oge (abrakadabra)
Polisi saribuk kabeh...

[Interlude]
Repeat: (*)

Mun maling lantaran lapar meuni jadi kacapangan
Bari.. benyut di gebugan
Naha ari edi tanzil nu geus puguh garong gede (abakadabra)
Loba anu hare-hare...

Lamon sedih paren geuring teu wani ka rumah sakit
Ku sabab, duit kudu ti heula
Sabab nenjo jalma seuset dokter sok mariceun beunget
Bari nyarita: " da maot mah tos takdir", bebel sia!

Boga banda teu sapira tuluy ludes ka bangsatan
Jarang.. jarang lah nu milu mikiran
Naha ari jalma gede leungit motor butut oge (abrakadabra)
Polisi saribuk kabeh...

Pit kacapit jalma leutik kacapit abong hirup hararese sok dijieun anak tere...
Labels: Doel Sumbang, Lirik Lagu

Thanks for reading Doel Sumbang – Dinding Kripit. Please share...!

0 Comment for "Doel Sumbang – Dinding Kripit"

Back To Top