(Col blem col blem)
Ari jelma ayeuna teu kaop boga kawasa
Asa aing pangluhurna sagala tara tatanya
Da ceunah teu perlu nanya da teu sieun kumaha
(Col blem col blem col blem col blem)
Sagala rupa dihakan euweuh nu wani nyarekan
Sieun ku kakawasaan geura nya mang Epol
Sagala rupa dicokot euweuh nu wani nyarongot sieun kalahkah
dicopot!
Jalma leutik kabeukina paling kejo eta oge senen kemis bari
saukur jeung buncis
Jalma gede lampah loba nu teu hade asa gede asa gede, sagala
hayang nu gede
Leuweung, gunung, kebon, walungan, laut, sawah, malahan
kesang batur geh dihakan
Meungpeung aya kasempetan, meungpeung kuat ku jabatan
(Meungpeung aya kasempetan, meungpeung kuat ku jabatan)
Jalma sengsara, sanajan hirup sengsara ari kudu maok mah kelanan
mikir-mikir heula
Tapi nu beunghar sagala aya malingan duit nagara mani teu
gableg ka era
Nu leutik jalma malarat loba keneh nu lalakon sholat,
Meni ngadengdeg ampir rek paeh lamon rek ngalakuken maksiat bakat
ku sieun
Naha ari nu gede konglomerat loba nu jaradi bangsat
Moral bejad iman renghat nu gede konglomerat loba nu jadi
bangsat
Hareudang krisis moneter, ku dolar rupiah teler
Nu leutik gugurubugan siga jaer kasaatan
(Nu leutik gugurubugan siga jaer kasaatan)
Anu loba duit di bank ngadadak mareuli gudang
Loba oknum haram jadah paresta narimbun barang
Loba oknum haram jadah paresta narimbun barang
Col blem col blem Col blem col blem...
Sembako sembako kamana atuh sembako
Sembako sembako kamana atuh sembako
Sembako bingung cingogo, cicing di gudang nu gelo!
Sembako bingung cingogo, cicing di gudang nu gelo!
(Col blem col blem Col blem col blem
(Col blem col blem Col blem col blem...)
Jalma leutik mah siga sireum meus-meus katincak, meus-meus
katincak
Keun sing sabar wae ulah hayang nyoco
Angguran mah urang leuwih deukeut ka Gusti, da hirup mah
kapan muterm muter!
Sugan isuk pageto mah urang aya diluhur, ngan lamon geus
diluhur
Oman sing eling, ulah siga nu garelo nu didongengkan tadi
Urang sadar, kudu sadar jalma leutik mah siga sireum
Meus-meus katincak, meus-meus katincak...
Tah kitu ti kuring mah sakitu wae lah!
Lamun kuring kurang hade nyarita hampura wae da kuring
kurang nyakola
Lain teu hayang sakola, da kapan kudu sakola ayeuna mah sakola
teh sagala duit
Sakola ayeuna mah kudu ku duit, da utek mah ceunah nomer dua
Sabab peunteun mah bisa diatur ku dana
Hapunten ka bapak-bapak di P&K ulah kasinggung da ieu
mah ceuk beja
Tapi lamon sebener ieu beja paingan atuh lobaha mahasiswa anu
beres kuliah jadi sarjana
Tapi utekna siga anu katincak, meus-meus katincak, meus-meus
katincak
Oyak mang Epon, teu bisa mikir hade...
0 Comment for "Doel Sumbang – Col Blem"