Ebith Beat*A – Eling Eling Umat

Reff:
Eling eling umat muslimin muslimat
Hayu urang berjamaah solat, solat, solat
Eta kawajiban urang keur di dunia
Kangge bekel jaga urang di akherat...
[2X]

Urang tos terang sadayanya,
Nu namina muslim teh saatos ngucapkeun ngikrarkeun dua kalimat sahadat
Teras urang ngalaksanakeun kawajiban solat nu lima waktu
Kedah tepat waktu ulah hilap ulah telat
Ku margi solat entos kalewat moal tiasa deui uri sapanjang hayat...

Eta solatna genah tumaninah, teu kedah rusuh, komo deui mun solatna asa diburu-buru
Solatna mun tiasa mah keda khusu, panjatkeun sagala dosa nu di panuju
Ka Allah Rabbana wa lakal hamdu
Ya Allah mugi doa-doa nu ku urang dipanjatkeun dikabulkeun...

Back to: Reff

Yuk mangga ka sadayana, urang lereskeun solat urang sadaya
Subuh lohor asar maghrib sareng isya, ulah hilap ku urang dilakukeun
Ku margi eta kawajiban sareng solat teh tihangna agama
Sing saha-saha jalma nu ngadegkeun solat berarti jalma eta ngawangun agama
Eta solatna berjamaah, tingkatkeun ukhuwah islamiyah,
Mageuhkeun tali silaturahmi, kenging berkah ridho Illahi
Allah nu Maha Kawasa mugiya ngabulkeun doa-doa urang sadayana...

Back to: Reff (2X)
Labels: Ebith Beat*A, Lirik Lagu

Thanks for reading Ebith Beat*A – Eling Eling Umat. Please share...!

0 Comment for "Ebith Beat*A – Eling Eling Umat"

Back To Top