Ebith Beat*A – Dina Amparan Sajadah (feat. Darso)

Dina amparan sajadah, abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa nyanggakeun sadaya-daya
Tina amparan sajadah, abdi sumujud pasrah
Mundut pangampura Gusti ya Allah robbul izzati...

Rumasa kuring rumasa hirup di dunia pinuh ku dosa
Laku lampah sakahaya, teu nyaho halal jeung haram nu penting ngeunah
Kabawakeun ku saga wayah, teu nyaho wayah
Goreng hate goreng hate laku lampah, piomongeun wae
Poho kawajiban poho kawajiban, poho akherat, gawe kuring ngan ukur maksiat
Mun dielingan poho deui, mun dielingan poho deui, mun dielingan
Ya Allah Robbul izzati hampunten abdi...

Tina amparan sajadah (abdi sejad manjatkeun du’a)
Abdi sumujud pasrah (mugiya abdi kenging pangampura ti nu Kawasa)
Diri nu lamokot ku dosa nyanggakeun sadaya-daya (nya.. nya..)

Insya Allah ayeuna mah abdi tos kengin hidayah
Mugiya abdi tiasa janten jadi istiqomah, ngaleresken laku lampah
Sejak taubatan nasuha alhamdulillah nyanggakeun tobat abdi
Mugi janten tobat nu sajati, dosa-dosa nu tos kalangkung
Mugi janten dosa pantungtung, jembarkeun hate, abdi hoyong janten jalmi nu sae
Manfaat kangge sadaya, agama, kula warga nagara, nunggus ti abdi manjatkeun du’a

Teu aya deui panglumpatan, teu aya deui pamuntangan
Duh Allah pangeran abdi, pangeran anu sajati...

Tina amparan sajadah (abdi sejad manjatkeun du’a)
Abdi sumujud pasrah (mugiya abdi kenging pangampura ti nu Kawasa)
Mundut pangampura Gusti ya allah robbul izzati
Mundut pangampura Gusti ya allah robbul izzati...

Hey urang bobolopot ku dosa jeung sajaba nyanggakeun sadaya-daya
Hey urang bobolopot ku dosa jeung sajaba nyanggakeun sadaya-daya
[2X]
Labels: Ebith Beat*A, Lirik Lagu

Thanks for reading Ebith Beat*A – Dina Amparan Sajadah (feat. Darso). Please share...!

0 Comment for "Ebith Beat*A – Dina Amparan Sajadah (feat. Darso)"

Back To Top