(*)
Tuturut munding (meureunan resep ka munding)
Tuturut munding (meureun kasurupan munding)
Tuturut munding (boa boa ngélmu munding)
Tuturut munding (kalakuan siga munding)
(**)
Batur lieur milu lieur, batur ngaco milu ngaco
Batur gélo milu gélo, diajak balég teu daék...
(#)
Batur saur milu saur, batur buka milu buka
Ti beurang batur puasa manéhna jajan samangka
(Ti beurang batur puasa manéhna jajan samangka
Jajan samangka, euweuh kaera)
(##)
Batur saur milu saur, batur buka milu buka
Ti peuting batur tarawéh manehna cindekul gapléh
(Ti peuting batur tarawéh manehna cindekul gapléh
Cindekul gapleh, ngurus balak jepe)
(###)
Malam lebaran batur di masjid takbiran
Manéhna sorangan mabok AO di péngkolan
(Manéhna sorangan mabok AO di péngkolan)
Poé lebaran batur salembur solat 'id
Manéhna ngajoprak dipépéndé ku jin ifrit
(Manéhna ngajoprak dipépéndé ku jin ifrit)
Repeat: (*)
[Interlude]
Repeat: (#), (##), (###), (**)
Labels:
Doel Sumbang,
Lirik Lagu
Thanks for reading Doel Sumbang – Tuturut Munding. Please share...!
0 Comment for "Doel Sumbang – Tuturut Munding"