(*)
Harita basa usum halodo panjang
Calik paduduaan dina samak salambar
Hmm.. saksina bulan anu sapotong
Hmm.. saksina bentang anu baranang
(#)
Aya kasono aya katresna, aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Aya kasono aya katresna, aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Sisi laut Pangandaran...
(**)
Tina ati pada-pada kedal jangji
Urang silih asuh silih asih silih jagi
Deg ngadegkeun arti asih saenyana
Deg ngadegkeun arti deudeuh saenyana...
(##)
Ulah dugika rasa katresna, kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nungtun kana jalan salah
Ulah dugika rasa katresna, kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nungtun kana jalan salah
Sisi laut Pangandaran...
Chorus:
Reud dicangreud hate geus pageuh kabeungkeut
Sisi laut Pangandaran...
Reup dicangreud beuki rapet beuki geget
Sisi laut Pangandaran...
[Interlude]
Back to: (*), (#), (**), (##), Chorus
0 Comment for "Doel Sumbang – Pangandaran"