Nining Meida – Ngalamun

(*)
Waktu peuting pareng caang bulan
Abdi anteng ngumbarkeun lamunan
Ngantosan nu lawas henteu mulang
Ka panutan nu di medan juang...

(**)
Duh engkang panutan nu sajati,
Naha engkang tos hilap ka abdi
Siang wengi abdi nganti-nganti,
Na iraha pasini ngajadi...

Reff:
Teu kendat-kendat abdi mumuntang
Ka Pangeran anu murbeng alam
Supados kenging panangtayungan
Mugi engkang aya dina kaunggulan...
Mun pareng urang patepang deui
Kumpul ngariung sakadang wargi
Kacida bungahna hate abdi
Muji syukur ka Ilahi Robbi...

[Interlude]
Back to: (*), (**), Reff

Muji syukur ka Ilahi Robbi...
Labels: Etnik, Nining Meida

Thanks for reading Nining Meida – Ngalamun. Please share...!

0 Comment for "Nining Meida – Ngalamun"

Back To Top